Ngolebat kalangkang dina impenan
Ngagelenyu asih dina lamunan
neuteup geugeut paraket manah
harewos katresna mulangsara kabungah
Teteup deudeuh ngagelenyuan
Geter gerentes hate teu meunang diome
Mirosea dina hate
Katresna, kanyaah jeung kasono
Jadi panindekan salawasna
Pileuleuyan katresna
Kembang manah nu merenah
Najan urang teu munggaran
ngaguar peurih dina manah
mugia bagja kahirupan
salawasna nantayungan
Gusti Allah jadi pamuntangan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar